CEUK naskah Ratu Pakuan, dina babad Ambetkasih, waktu pesta kawinan Prabu Siliwangi ka Ratna Ambetkasih, sinjang nu dianggona katelah sinjang dodot. Eta sinjang batikna motif Ragen Panganten.
Motif batik Ragen Panganten kaasup salah sahiji motif batik anu geus nyampak ti keur jaman Prabu Darmasiksa. Ngan basa diistrenan, dina upacara ngawasti gelar Sri Baduga Maharaja, Prabu Siliwangi make sinjang dodot model sejen anu katelahna motif batik Banyak Ngantrang. Tah, ieu mah motif batik buatan anyar, dijieun dina mangsa Karajaan Pakuan Pajajaran.
Aya anu nyebutkeun , motif batik anu dijieun dina mangsa Pakuan Pajajaran mah, aya opat rupa, nyaeta Banyak Ngantrang, Banyak Wide, Julat Jalikem jeung Julat Julatreng.
Sanajan masarakat Pakuan Pajajaran ngahasilkeun wanda anyar, tapi anu heubeul henteu dileungitkeun. Motif batik anu jumlahna aya 33 rupa, nyaeta anu geus hirup ti jaman Prabu Darmasiksa, henteu diculkeun kitu bae. Biasa diproduksi jeung lumrah diparake. Nu makena ti kalangan kulawadet raja tepikeun ka somah. Motif batik anu dina jaman Pajajaran umurna geus ratusan taun, tetep dipiara. ***